Khutbah Idul Fitri KH. Said Aqil Siradj Versi Bahasa Sunda

Khutbah Idul Fitri KH. Said Aqil Siradj Versi Bahasa Sunda
NU Bogor -

Khutbah Idul Fitri 1 Syawal 1438 H KH. Said Aqil Siradj (Versi Bahasa Sunda)

Oleh : Prof. Dr. KH. Said Aqil Siradj, MA

بسم الله الرحمن الرحيم
الخطبة الأولى لعيد الفطر

الله أكبر, الله أكبر, الله أكبر, الله أكبر, الله أكبر, الله أكبر, الله أكبر, الله أكبر, الله أكبر.
الحمد لله الذى عاد علينا نعمه فى كل نفس ولمحات وأسبغ علينا ظاهرة وباطنة فى الجلوات والخلوات. وأشهد أن لا إله إلا الله وحده لا شريك له الذى امتن علينا لنشكره بأنواع الذكر والطاعات. وأشهد أن محمدا عبده ورسوله سيد الأنبياء والمرسلين وسائر البريات. اللهم صل وسلم على سيدنا محمد وعلى أله وأصحابه أهل الفضل والكمالات.
الله أكبر أما بعد : أيها الحاضرون ! هذا يوم العيد. هذا يوم الفرح. فرح المسلمون لتوفيق الله إياهم باستكمال بلاء ربهم بفرض الصيام مع الترويحات فرح المسلمون بوعد ربهم بغفران ما اجترحوا من السيئات واستحلال بعضهم من بعض فى الحقوق والواجبات.
إخوانى الكرام ! فى هذا اليوم حرم الله علينا الصيام بعد أن فرضه علينا جميع الشهر وأخبر أنه فرضه لنكون من المتقين. فمن هذا اليوم ينبغى لنا أن نبعث فى أنفسنا بارتقائها على مراتب التقوى ونهتم بدين ربنا حتى ننال ما وعدنا ربنا حقا.
الله أكبر ! إخوانى الكرام ! إن الله شرع لنا هذا العيد لنعود الى السمع والطاعة. ونعمل بكتابه بالجد والإجتهاد والقوة. ونبتعد عن التقصير والأعمال كما وقع فى أعوامنا الماضية.
الله أكبر. وقال تعالى : ومن أظلم ممن ذكر بأيات ربه فأعرض عنها ونسى ما قدمت يداه. إنا جعلنا على قلوبهم أكنة أن يفقهوه وفى أذانهم وقرا وإن تدعهم إلى الهدى فلن يهتدوا إذن أبدا.
الله أكبر, إخوانى الكرام ! إعلموا أن الله تعالى قد طالبنا فى إقرارنا أن نطيع ونسمع. فقال تعالى ألم ياءن للذين أمنوا أن تخشع قلوبهم لذكر الله وما نزل من الحق ولا يكونوا كالذين أوتوا الكتاب من قبل فطال عليهم الأمد فقست قلوبهم وكثير منهم فاسقون.
الله أكبر. قال رسول الله صلى الله عليه وسلم. بادروا بالأعمال قبل ان تظهر فتنا كقطع الليل المظلم يصبح الرجل مؤمنا ويمسى كافرا ويمسى مؤمنا ويصبح كافرا. يبيع أحدهم دينه بعرض قليل من الدنيا. رواه مسلم عن أبى هريرة

Kaum Muslimin anu dimuliakan ku Allah!
Ti payun, sumangga urang muji muja ka hadlirat Allah SWT. dina dinten ieu urang masih dipasihan kurnia kanggo ngalaksanakeun shalat Ied, saba’da urang ngalakasnakeun ibadah puasa. Mugia, urang tiasa syukuran kana sagala kurnia, khususna kasehatan sareng kabagjaan.
Dintenan ieu urang lebet kana bulan Syawal ngareuah-reuah Idul Fitri. Dintenan ieu urang balik kana fitrah anu suci, balik kana lambaran anu suci. Sadayana, dina raraga ngaronjatkeun taqwa urang. Meresihan manah urang, estuning seja ibadah ka Allah SWT. Aya salah sawios hikmah anu unggelna: laisa al-îd li man yalbasu al-jadîd, wa innama al-‘îd li man taqwâhu yazîd. Hartosna, lebaran sanes kanggo jalmi anu nganggo raksukan anyar, tapi sayaktosna lebaran eta pikeun jalmi anu kataatanana ka Allah-na terus nambihan. Sakalihna ngamumule hablun minallâh, Idul Fitri oge mangrupakeun cukang lantaran hablun minan-nâs.
Neuleuman inti ajaran Islam kalayan patali sareng pasualan bangsa dina wangkid ayeuna, sarta nitenan perjoangan Rasulullah SAW. dina ngawangun masyarakat anu damai tur sejahtera dumasar kana ajaran Islam [tamaddun], maka kalintang loyogna upama Idul Fitri jadi momentum kebangkitan bangsa pikeun mangsa anu bakal kasorang, sanes mung saukur ritual atanapi banalitas taunan pikeun umat Islam.
Puasa kalih Idul Fitri, sakedahna ngalahirkeun pamadegan tur kasadaran kana pasualan bangsa anu sabenerna. Pasualan anu ku urang dipayunan, sanes mung saukur dina widang ekonomi wungkul, misalna, nanging langkung seueur tur lega tinimbang eta. “Laisa minnâ man lam yahtamma bi amri al-muslimîn”. Hartosna, “Teu kaasup umat kaula, jalma anu teu malire kana urusan umat Islam”.
Memang penting ngawangun ekonomi. Tapi, sanes mung eta hiji-hijina. Bangsa anu mibanda peradaban anu luhung, diadegkeun dina fondasi kayakinan, spiritualitas, tur akhlak anu anu mulya. Kaayaan ekonomi kurang nyugemakeun, padahal di nagara anu subur makmur sapertos Indonesia, saestuna eta akibat tina lemahna iman, spiritualitas, kurangna elmu, tur lemahna akhlak. Dina saking pentingna ngawangun peradaban, maka ayat-ayat al-quran dina mangsa awal-awal Islam, eta patali sareng urusan elmu pangaweruh [nyaeta parentah maca, Iqra!], larangan berperilaku anu teu payus. Sawalerna, Rasulullah SAW., diparentahkeun ngawangun akhlak [bu’itstu li utammima makârima al-akhlâq]. Malihan disebatkeun: “al-dînu husnu al-khuluqi. Saestuna agama identik sareng kamulyaan akhlak.
Puasa sareng Idul Fitri kudu mampu ngahudangkeun optimism anu kuat pikeun kahirupan anu bakal datang. Kiwari, seueur pisan kelompok ngagaduhan sifat pesimisme anu kaleleuwihi. Ku sifat pesimisme eta, bangsa urang dilandih ku identitas anu kacida hina na. aya nu nyebut bangsa koruptor, bangsa anu nyirorot, bangsa anu amburadul, sarta istilah-istilah lain anu matak teu genah kana manah. Landihan-landihan sapertos eta, bisa ngalahirkeun mental bansa anu inferior [‘adamu al-tsiqqah], teu mibanda rasa percaya diri, sarta guamntung kana pitulung bangsa deungeun. Bangsa urang sabenerna henteu kitu.
Sabalikna, bangsa Indonesia the bangsa anu untung. Kagungan tanah kepulauana anu kalintang lega tur subur. Sagara jeung lautan anu lega, bahan tambang, sarta jumlah penduduk anu kalintang ageungna. Eta sadayana kurnia Alloh, anu kedah disyukuran tur jadi modal pikeun ngawangun kamakmuran balarea.
Puasa sareng Idul Fitri kudu aya pangaruhna kana tarekah ngawujudkeun Indonesia bangkit, ngalahirkeun solidaritas sosial, sarta sumanget berjoang tur berkorban. Nyata dina sejarah, Indonesia merdeka teh, buah tina kasayogian para pejoang, anu di antawisna para ulama. Marantenan ikhlas tegapati, ngurbankeun sagala anu dipibandana. Pon kitu deui Rasulullah SAW. Teu mungkin mantena tiasa ngarobah masyarakat jahiliyah jadi masyarakat madani, upami teu aya perjoangan tur pengorbanan anu kalintang rongkahna.
Luyu sareng dinamika anu aya, pamarentah skedahna terus nyepeng pageuh prinsip merjoangkeun kamakmuran tur kamaslahatan rahayat. Dina kaidah ushul fiqih disebatkeun: “tasharruf al-imâm ‘alâ al-râ’iyyati manûthun bi al-maslahah. Kabijakan ppamarentah wajib ditaati, salagi dumasar kana kapentingan anu matak mashlahat pikeun rahayat”. Malih, Imam Syafi’i ngagambarkeun hubungan antara rakyat jeung papayung nagara, lir ibarat hubungan wali sareng anak yatim.
Puasa sareng Idul Fitri sakedahna ngalahirkeun sifat profektif, speertos amanah, ‘adalah, istiqamah, sareng salam. Sadaya sifat eta peryogi pikeun ngawangun masyarakat anu langkung adil tur maju. Langkung ti eta, puasa sareng Idul fitri sakedahna ngalahirkeun kondisi batin anu syukur, ikhlas, tawakkal, sarta istiqomah. Numawi, peryogi ngaregepkeun makna “al-dînu huwa al-nashîhah lillâhi wa li rasûlihi wa li al-mu’minîn. Saestuna agama mibanda nasehat”.
Kaum Muslimin anu dimuliakan ku Allah! Akhirna, ngalangkungan momentum Iduf Fitri ieu, hayu urang sasarengan nemutan, kalintang pentingna sadaya komponen bangsa saget kalayan mibanda tekad, pikeun rempug jukung sauyunan dina ngawangun bangsa. Pon nyakitu deui, NU anu mangrupikeun organisasi Islam pangageungna di negaraieu, anu parantos masihan warna dina kahazanah kaberagamaan, sosial, politik, tur budaya di Indonesia, tinangtos bakal ngupayakeun ngetrukkeun sadaya kamampuan maksimal, kanggo ngemutan tur ancrub, dina enggoning ngawangun bangsa. Sanes mung saukur fisikna, tapi langkung utami ti eta, nwangun peradaban [al-tsaqâfah wa al-hadhârah]. Hal ieu, pikeun ngawujudna impenan Indonesia jadi “negeri anu mibanda peradaban adiluhung” [al-madînah al-fadhîlah].

بارك الله لى ولكم فى القرآن العظيم ونفعنى وإياكم بفهمه إنه هو البر الرحيم

الخطبة الثانية لعيد الفطر

الله أكبر, الله أكبر, الله أكبر, الله أكبر, الله أكبر, الله أكبر, الله أكبر.
الحمد لله أفاض نعمه علينا وأعظم. وإن تعدوا نعمة الله لا تحصوها, أشهد أن لا إله إلا الله وحده لا شريك له. أسبغ نعمه علينا ظاهرها وباطنها وأشهد أن محمدا عبده ورسوله. رسول اصطفاه على جميع البريات. ملكهاوإنسهاوجنّها. اللهمصلوسلمعلىسيدنامحمدوعلىألهوأصحابهأهلالكمالفىبقاعالأرضبدوهاوقراها, بلدانهاوهدنها.

الله أكبر أما بعد : إخوانى الكرام ! استعدوا لجواب ربكم متى تخشع لذكر الله متى نعمل بكتاب الله ؟ قال تعالى ياأيها الذين أمنوا استجيبوا لله ولرسوله إذا دعاكم لما يحييكم واعلموا أن الله يحول بين المرء وقلبه وأنه إليه تخشرون.
الله أكبر. اللهم صل على سيدنا محمد وعلى أل سيدنا محمد. كما صليت على إبراهيم وعلى أل إبراهيم, وبارك على محمد وعلى أل محمد, كماباركت على إبراهيم وعلى أل إبراهيم فى العالمين إنك حميد مجيد.

الله أكبر. اللهم اغفر للمسلمين والمسلمات والمؤمنين والمؤمنات الأحياء منهم والأموات. إنك سميع قريب مجيب الدعوات وقاضى الحاجات. اللهم وفقنا لعمل صالح يبقى نفعه على ممر الدهور. وجنبنا من النواهى وأعمال هى تبور. اللهم أصلح ولاة أمورنا. وبارك لنا فى علومنا وأعمالنا. اللهم ألف بين قلوبنا وأصلح ذات بيننا. اللهم اجعلنا نعظم شكرك. ونتبع ذكرك ووصيتك. ربنا أتنا فى الدنيا حسنة وفى الأخرة حسنة وقنا عذاب النار. ربنا لا تزغ قلوبنا بعد إذ هديتنا وهب لنا من لدنك رحمة إنك أنت الوهاب.
الله أكبر. عباد الله ! إن الله يأمر بالعدل والإحسان وإيتاء ذى القربى وينهى عن الفحشاء والمنكر. يعذكم لعلكم تذكرون. فاذكروا الله يذكركم واشكروا على نعمه يشكركم. ولذكر الله أكبر

Dialihbahasakeun ku Ucup Pathudin Almaarif, M.Ag [Pengurus Lembaga Dakwah Nahdlatul Ulama PWNU Jawa Barat Periode 2016-2021]

Sumber : http://pwansorjabar.org/khutbah-idul-fitri-kh-said-aqil-siradj-versi-bahasa-sunda/

0 Komentar